Assalamualaikum Wr Wb. Sampirasun!
Sateuacanna mangga urang sami-sami ngunggahkaeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Agung margi mung ku barokah, sareng inayahna.
Shalawat miwah salam mugia ngocoor ngagolontor ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.
Ibu, Bapa, Hadirin nu dipikahormat.
Wilujeng sumping ka sadaya tatamu uleman, para sepuh, para guru, utamina ka ibu/bapa Kapala sakola katut rengrenganana. Hapuntem bilih dina cara penampian kirang nyugemakeun, kirang tata titi duduga peryoga.
Sim kuring ngahaturkeun nuhun parantos dipaparin wakto kanggo sasanggem dina cara “Paturay Tineung” murid SMP kelas 9. Minangka wawakil murid anu nembe ujian tur lulus ti sakola.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, bapa/ibu guru, sareng kepala sekolah. Abdi nyuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas 9. Teu hilaf abdi oge ngawakilan rerencangan pikeun ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Asa kamari keneh abdi lebet ka sakola ieu. Ayeuna tos kedah paturay tineung deui. Simkuring sareng rerencangan bade neraskeun sakola ka nu langkung luhur, ngahontal cita-cita. Seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di ieu sakola, simkuring neangan elmu. Elmu pangaweruh anu didugikeun ku Ibu sareng Bapa Guru mugia aya mangpaatna hususna kanggo abdi, umumna kanggo sadayana rerencangan.
Ibu, Bapa, Hadirin nu dipikahormat.
Tangtos seueur keneh nu hoyong dipisanggem mah. Intina mah sim kuring sadayana ngaraos bingah ku parantos lulus. Ngahaturkeun nuhun kana elmu kaweruh sareng pangalaman nu tos dipaparinkeun ka sim kuring sadayana. mugia janten amal kasaean kanggo sadayana. kenging ganjaran anu saageung ageuna ti kami para murid. Teu hilap, kanggo adi-adi anu masih keneh diajar di ieu sakola, supaya diajar sing enya-enya. Lamun bae urang katinggaleun diajar, pasti bakal katinggaleun dina sagalana. Pamungkas, simkuring sareng rerencangan, neda pidu’ana singtiasa neraskeun ka sakola anu langkung luhur. Rupina, sakitu bae cariosan ti simkuring. Mudah-mudahan aya mangpaatna kanggo urang sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten.
Panutup catu, pamungkas carita. Hapunten bilih aya tutu saur nu teu kaukur, reka basa nu pasalia. Rumaos masih rina tahap diajar.
Saninten buat saninten, Dicandak ka parapatan, Hapunten abdi hapunten, Bilih aya kelepatan,
Billahi taufik walhidayah, waridho walinayah, waafuminkum, waassalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh.
Nama : Mutia Nur Khalisa
Kelas : 91